Kamis, 08 Desember 2016

SOAL UAS SMA SEMESTER 1 KLS XI



1.      Kecap kawih asalna tina kecap kavy ( baca, kawi) anu hartina...
a.       pupuh
b.      Sa’ir
c.       Tembang
d.      Carita
e.       Novel
2.      Nilik kana sajarahna, kawih dibagi jadi tilu kurun waktu, nyaeta...
a.       Kawih buhun, tradisional, modern
b.      Tradisional, jaman belanda, jaman jepang
c.       Tradisional, jaman jepang, alam kiwari
d.      Jaman jepang, buhun, tradisional
e.       Buhun, tradisioan, jaman jepang
3.      Perkara atawa pasualan anu hayang ditepikeun kunu ngawihkanu ngregepkeun nyaeta disebut....
a.       Panitah
b.      Pangrojong
c.       Masrahkeun
d.      Amanat
e.       Lirik
4.      Itu saha dunungan nu nungtun mundin
Digantelan geuning ku saputangan
Itu saha dunungan nu ginding teuing
Sihore’ng mah aduh geuning jungjunan

Sempalan rumpaka di luhur te’h diwangun ku sabarah padalisan....
a.      4
b.      21
c.       1
d.      6
e.       2
5.      Padalisan kahiji jeung kadua dina rumpaka soal nomer 4 disebut...
a.       Tema
b.      Judul
c.       Eusi
d.      Cangkang
e.       Pamungkas
6.      Nilik kana wandana mah, sempalan rumpaka kawih di luhur te’h kaasup kana...
a.       Purwakanti
b.      Mindoan kawit
c.       Paraprase
d.      Sisindiran
e.       Paparikan
7.      Hal poko atawa galeuh anu ngajiwaan eusi rumpaka kawih disebut...
a.       Tema
b.      Judul
c.       Cangkang
d.      Eusi
e.       Paparikan
8.      Sora anu padeukeut dina rumpaka kawih sok disebut...
a.       Salaras
b.      Engang
c.       Murwakanti
d.      Paparikan
e.       Mindoan kawit
9.      Kuringmah teu boga duit sape΄se΄r-pe΄se΄r acan  (padahal beunghar).
Kalimah di luhur ngandung gaya basa...
a.      Lalandian
b.      Personifikasi
c.       Litotes
d.      Hiperbola
e.       Eupimisme
10.  Ngajerit maratan langit, ngoce΄ak maratan jagat.
Kalimah di luhur ngandung gaya basa...
a.       Lalandian
b.      Personifikasi
c.       Litotes
d.      Hiperbola
e.       Eupimisme
11.  Mojang lenjang nu hideung santen
Diaping srange΄nge΄ti e΄njing dugika sonten
Upa,i wengi dipe΄e΄nde΄ bulan ngempur
Jungjunan
Upami dugi ka puput umur
Kerebkeun kuring dina pangkonan

Sajak di luhur diwangun ku sabara pada jeung padalisan
a.       1 pada 6 padalisan
b.      2 pada 6 padalisan
c.       2 pada 3 padalisan
d.      1 pada 3 padalisan
e.       6 pada 2 padalisan
12.  Sajak priangan  di luhur ngabogaan sora anu murwakanti nyaeta...
a.       Padeukeutna sora aya dina awal pada
b.      Padeukeutna sora aya dina awal padalisan
c.       Padeukeutna sora di akhir pad
d.      Padeukeutna sora di akhir padalisan
e.       Padeukeutna sora di awal jeung akhir padalisan
13.  Sajak lirik nyaeta...
a.       Sajak anu ngagambarkeun rasa panyajakna
b.      Sajak anu sifatna ngadadarkeun hiji carita atawa kajadian
c.       Sajak anu ngagambarkeun sejarah desa
d.      Sajak anu sifatna ngadadarkeun carita hewan
e.       Sajak anu ngagambarkeun ciri-ciri kahirupan
14.  Sajak epik nyaeta...
a.       Sajak anu ngagambarkeun rasa panyajakna
b.      Sajak anu sifatna ngadadarkeun hiji carita atawa kajadian
c.       Sajak anu ngagambarkeun sejarah desa
d.      Sajak anu sifatna ngadadarkeun carita hewan
e.       Sajak anu ngagambarkeun ciri-ciri kahirupan
15.   Ari rebab mah dipaénkeunna ku cara ....
a. ditiup                              d. dikeset
b. ditakol                            é. dikését
c. ditepak
16.   Ieu di handap alat kasenian nu ditiup iwal ....
a. suling                                 d. karinding
b. tarompét                             é. réngkong hatong
c. bangsing
17.  “Rebab ceurik ngabangingik, siga nu milu sedih ningali kaayan kuring téh.”
Ungkara di luhur ngagunakeun gaya basa ....
a. ngasor                            d. parsproparto
b. kadalon                          é. pars prototo
c. mijalma
18.  .  “... rapat dina dinten ieu badé ngabadantenkeun rencana acara Pekan Olahraga jeung Kasenian antar Kelas. Ieu kagiatan téh mangrupa kagiatan anu maneuh unggal semester dilaksanakeun di ieu sakola....”
a.   salam bubuka rapat
b.   nganuhunkeun kanu haladir
c.   putusan rapat
d.   nepikeun eusi rapat
e.   pamungkas rapat
19.  Kumaha perasan urang nalika upama dina hiji waktu  nyaksian bangsa deungeun anu mahér jeung alus nembangkeun lagu Sunda atawa waditra Sunda?
a.    kayungyun jeung éra
b.    ambek jeung éra
c.    keuheul jeung éra
d.    ah, biasa wé
e.    keun wé da urang gé bisa
20.  Dina jaman kiwari loba generasi ngora anu teu nyaho ngaran-ngaran waditra Sunda.
Kecap nu didéngdékeun sarua hartina jeung ...
a.    alat kabudayaan
b.    alat kasenian
c.    alat wayang
d.    pakakas pertanian
e.    pakakas rumahtangga
21.  “Uwa kuring mah sapopoéna teu leupas tina parahu, kecrik, jeung cai laut.”
Jalma nu miboga pagawéan ngala lauk di laut disebut ...
a.    palika                    d. pamayang
b.    kabayan                 e. kamayang
c.    nayaga
22.  .     Inggis beunang ku batur
Inggis bogoh ka batur, iwal anjeun
Unggal peuting babacaan
Mapatkeun pélét asihan
Anu ngandung purwakanti laraspurwa dina rumpaka kawih di luhur, nya éta....
a.   padalisan ka 1 jeung ka 2
b.   padalisan ka 3 jeung ka 4
c.   padalisan ka 2 jeung ka 4
d.   padalisan ka 1 jeung ka 3
e.   padalisan ka 2, 3, jeung ka 4
23.  .     Sukingki haté sukingki
sukingki paselup bungah
Bungah kagiridig simpé
Simpé awak talipurna
talipurna manjing sirna
sirna ringkang nu sakujur
sakujur kadua rasa
Rumapaka di luhur ngagunakeun purwakanti ....
a.    margaluyu                  d. laraswekas
b.    mindoanwekas           é. larasmadya
c.    mindoankawit
24.  Sarupaning lagu nu rumpakana kauger ku gurulagu jeung guruwilangan biasana teu mibanda wirahma nu angger atawa teu tetep ...
a. kawih                 `           d. juru tembang
b. juru kawih                      é. gurulagu
c. tembang 
25.  “Hadirin anu ku sim kuring dipihormat, langkung ti payun sim kuring ngahaturkeun nuhun, wiréh sadérék sadayana parantos kersa sumping ngaluuhan ieu rapat.”
a.    salam bubuka rapat
b.    nepikeun eusi rapat
c.    nganuhunkeun ka nu haladir
d.    pamungkas rapat       
e.    pamungkas rapat
26.   “kumargi parantos teu aya deui nu badé naros sumangga urang .... waé ieu sawala ku ngucapkeun hamdalah sasarengan
a.    bubuka                       d. kawitan
b.    puntas                        é. pungkas
c.    tuntas
27.  Kasenian nu asalna ti wewengkon Cirebon diwangun ku gitar jeung suling, disebut ....
a.    tardug          d. celempungan
b.    tarling          e. gondang
c.    tarawangsa
28.  Kasenian nu asalna ti Sukabumi ngagunakeun waditra angklung jeung dogdog panjang, sarta biasana dipagelarkeun waktu upacara melak paré di wewengkon Ciptagelar, nya éta ...
a.    dogdog jolor           d. uyeg
b.    dogdog lojor           e. buncis
c.    réog
29.   Kasenian Angklung Baduy, Dogdog Lojor, jeung Buncis mangrupa kasenian nu asalna ti daérah ....
a.    Sukabumi               d. Bogor
b.    Cianjur                   e. Bandung
c.    Banten
30.  dina ngawawancara mah basa nu digunakeunna téh basa ....
a.    Loma                    d. hormat
b.    Sapantaran             e. panengah
c.    kasar
31.  watek pupuh asmarandana nyaeta...
a.       pepeling
b.      sedih
c.       heureuy
d.      nungguan, deudeupeun, kanyaah
e.       kanalangsaan
32.  watek pupuh magatru nyaeta...
a.       pepeling
b.      sedih
c.       heureuy
d.      nungguan, deudeupeun, kanyaah
e.       kanalangsaan
33.  jenis pupuh nu tos ditembangkeun nyaeta aya...
a.       7
b.      14
c.       17
d.      19
e.       27
34.  numutkeun panalungtikan, pupuhteh di anggit ku...
a.       raden aryadinata
b.      raden ahmadiningrat
c.       raden arya wiratanudatar
d.      raden mahyar angga kusumadinata
e.       mang koko
35.  Aksara sunda jumlahna aya...
a.       7
b.      25
c.       32
d.      22
e.       12
36.  Dina aksara sunda, aya sabaraha hiji aksara ngalagena nu tos luyu jeung fonem konsonan nu aya dina basa indonesia...
a.       7
b.      25
c.       32
d.      22
e.       12
37.  Dina cara nulis aksara sunda, aya oge nu disebut vokalisasi, nyaeta rarangken nu bisa ngarobah, nambahan atawa miceun sora vokal tina aksara ngalagena.
Aya barahiji vokalisasi atawa rarangken dina nulis aksara sunda...
a.       7
b.      9
c.       13
d.      25
e.       32

38.  Harti aksara sunda di handap ieu
 
 

a.       budak sakola sma alkholiliyah mah cageur bageur pinter
b.      budak sakola sma alkholiliyah mah bageur begér pinter
c.       budak sakola sma alkholiliyah mah pinter bageur cageur
d.      budak sakola sma alkholiliyah mah cageur pinter bageur
e.       budak sakola sma alkholiliyah mah cager bager pintér
 
39.   


a.        

b.   

c.        

d.       

e.       

40.               


Kalimah di luhur nyaeta,,,,
a.       Pa yanto mah bareuhan
b.      Pa yanto mah buruhan
c.       Pa yanto mah burihan
d.      Pa yanto mah birahan
e.      Pa yanto mah béréhan



Essay
 
1.        



2.       Dina sempalan kawih, bulan sapeupeuting nyaksi” ngandung gaya basa personifikasi.
Personifikasi hartina...
3.       Naon anu dimaksud mindoan kawit dina rumpaka sajak...
4.       Sajak diwangun ku deklamasi,
maksud deklamasi nyaeta...
5.       Sebut keun jenis-jenis pupuh nu hidep apal...