Sabtu, 24 Oktober 2020

PUPUH PANGKUR

 Aturan Pupuh Pangkur

1. Watek         : Nafsu, lumampah atawa sadia rek perang

2. Padalisan    :7

3. Guru wilangan & guru lagu    : 8-a, 11-i, 8-u, 7-a, 12-u, 8-a, 8-i

4. Laras    : Salendro

 

Seja nyaba ngalalana (8-a)

Ngitung lembur ngajajah milangan kori (11-i)

Henteu puguh nu di jugjug (8-u)

Balik paman sadaya (7-a)

Nu timana tiluan semu rarusuh (12-u)

Lurah begal ngawalonan (8-a)

Aing ngaran jaya pati (8-i)

panambih

Euleuh itu budak gembul

Awak gembru bayuhyuh gawena kedul

Ukur heuang jeung nundutan

Kasakola unggal poe kabeurangan

He barudak tong nurutan

Kanu gembul kokomoan

bisi kedul jeung ogoan

awal akhir katempuhan  

Halaman berikutnya>>> 

 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar