Selasa, 20 Oktober 2020

PUPUH SINOM

Aturan Pupuh Sinom


1. Watek    : Gumbira

2. Padalisa    : 9

3. Guru wilangan    : 8-a, 8-i, 8-a, 8-i, 7-i, 8-u, 8-a, 8-i, 12-a

4. Laras    : Madenda


Warna-warna lauk empang (8-a)

Aya nu sami jeung pingping (8-i)

Pagulung patumpang-tumpang (8-a)

Ratna rengganis ningali (8-i)

Warna ning lauk cai (7-i)

Lalawak pating suruwuk (8-u)

Sepat pating karocepat (8-a)

Julung-julung ngadalingding (8-i)

Sisi balong balingbing sisi balungbang (12-a)


Panambih

Harta pada nareangan

Harti pada narambahan

Harta harti serwa guna

Pada bisa mere bukti

Bisa hasil sapaneja

sok nyumponan cita-cita

harta harti sok mangfaat

da pon diraksa taliti


Halaman berikutnya>>>

Tidak ada komentar:

Posting Komentar